Puisi : Mantra Paneluh Galunggung Karya Riadi Komara (Member Hago Literasi Puisi)


Kaula jalmi kasiksa.

Kaula jalmi teu walakaya.

Ungal peuting nepi ka dur beurang.

Kaula di siksa dianiaya manahna.


Saestuna hirup kaula hayang bagja.

Saestuna hirup kaula hayang tenang.

Saestuna hirup kaula hayang loba dulur.

Ngan naha kunaon kaula dijieun sangsara.


Jalma cicing di pancing-pancing.

Kaula di sindir, di hina geus teu puguh rupa.

Sing cangcaya jalma moal kekal hirupna.

Teu aya nu kuat ragana, iwal ti kaimanan sareng perilakuna.

Teu aya kuat ku kabogaan, iwal ti bahasa jeung tuturanna.


Ku sabab anjeun menta kaula tuturkeun ka hayang anjeun...

Tong kabur, tong mundur dagoan ieu paneluh ti galunggung.


Ratu teluh ti Galunggung

Sang Ratu cedacawal

Ratu teluh ti Gunung Agung

Sang Ratu murba Sakama

Sang Ratu Talaga Bodas

Nu kumawasa pusering talaga

Sang Ratu Cedacawal

Nya aing Sang Ratu Cedacawal

Pur geni pur braja

Seuseup getihna

Cokcrok ototna

Sebit atina

Bedol tikorona

Sayab nyawana

Tuh Singsieunan si (Nama orang)



Note : Jangan sembarangan membacakan Mantra ini, kecuali di keadaan hati tidak memiliki dendam dan benci terhadap seseorang.



"Tasikmalaya, 23 November 2024"

Postingan populer dari blog ini

PUISI : ᴛᴀɴʏᴀ ᴄɪɴᴛᴀ

Puisi : Bekas Luka Trauma Karya Reza Fahlevi

Puisi : Bukan Aku Yang Kau Butuhkan Karya Awan Hitam